Bismillah - Sumanget


Hariring hate nyanding harepan
Lumaku nyiar rijki kalayan ngucap Bismillah
Ca'ang pinuh harepan, saca'ang sumiratna panonpoe
Cahaya kahirupan Alam dunya

Hejo ngemploh tutuwuhan dilamping gunung
Disimbutan halimun nu mawa hawa seger
Koneng umyang pucuk-pucuk pare
Gurilapna ibun dina jukut hejo nu ngampar
Lembur kakasih nu ngait dina sawangan
Jadi pangjajap ngawitan dinten

Harepan moal weleh renung sirungan
Sirung nu ngandung sumanget
Sumanget nu jadi modal ngalakonan hirup
Pikeun lumaku ngambah sagara kahirupan

Yakin & percaya Kanu Kagungan
Lamun ngarah tangtu ngarih
Lamun ngoreh tangtu macok
Bral lumaku pinuh pangharepan.
Bismillah - Sumanget Bismillah - Sumanget Reviewed by Cimayang on December 21, 2019 Rating: 5

No comments:

Powered by Blogger.